Senin, 08 Juni 2009

JANGJAWOKAN

"cakakak di leuweung, injuk talina. Dihakan dibeuweung, hitut jadina."

Jangjawokan ieu mah sok dianggo ku pun nini upami kuring kamerkaan. Bari ngucap jangjawokan eta, dampal pananganana diusap-usap muter dina patuangan. Diaoskeunana tilu kali dugi ka lima kali. Naha jangjawokan ieu manjur??? Duka teh teuing, da harita mah kuring na ge budak keneh. Hehehehe

Dupi nu ieu mah sami sareng Dang Imun, ulah dianggo. Cekap terang wungkul.

"Seureuh aing seureuh pudingdeung, sipinang kapadaruncang. Lembur ageung jadi leuweung, bale gede jadi rehe, asihan aing si jaran guyang. Tep keleyerrr, tep keleyerrr". Dipasihan jangjawokan ieu ti pun aki.

Tah nu ieu mah, jangjawokan ti daerah Cirebon.

"Niat ajiku ... ...
Negar ing tengang pasar, gegamane rumantik
sabetaken ing gunung, gunung lebur
sabetaken ing bumi, bumi bengkah
sabetaken ing pasir, pasir berintik
sabetaken ing langit, langit setitik
sabetaken ing wong, atine wong sejagat buwana
cur mancur cahya ingsun ...
Lamun lagi turu gage ngelilira
wis ngelilir gage lungaha
wis lunga margi badan ingsun
...

Tidak ada komentar: